Dina Hiji Waktu panas poe Ereng²an kuring maksakeun ka Warnet bakat ku hayang Onlen...(keur di lembur yeuh caritana teh)

Cag nepi ka warnet ningali aya dagangan sabangsaning rokok, Teh botol jeung sajabana,...
"Aduh kabeneran pisan euy...teu mawa udud ti imah...aya udud geuning didieu oge... "Ceuk Kuring teh ka pagawe warnetna + anu ngajagaan eta warungna,
celetuk teh ceuk pagawena eta: "Aya atuh kang...kumplit didieu mah...ngan randa hungkul anu euweuh teh..." khex's khex's khex's (Bari ngeukeuk seuri lalaunan genah nyengseuri keun kuring)...

ditanya ku kuring "aya udud naun wae jang? anu murah tapi ngeunah di seuseupna?"...
"nya sabangsaning udud weh kang...sarua kabeh oge ngebul di seuneut mah" Tembal pagawe eta teh, "Cikan eta rokok anu bodas cangkangna...anu halimpu di kenyot na teh geuning naon eta teh lah...?" tutunjuk bari bingung kuring teh poho deui merk na, "sampurna mild kang?" Tembal pagawe eta teh..."Tah eta...deuh poho wae euy...padahal sapopoe oge udud anu kitu...( Bari nyengir :D )"...Eta panjaga warungna oge ukur nembalan "oooh..."(bari nyengir deuih), deuk nyeungseurikeun tarik mah sieun jigana da kuring bari mamawa bedog dina cangkeng...heuheu....!!

"Sabaraha eta harga roko teh didieu jang euy...?"
Neruskeun deui obrolan anu tadi...
"jejeg sapuluh rebu kang...pleus jeung korek na hiji" Tembal penjaga teh...
reuwas atuh kuring teh da tuman meuli bako cap paneker (ngan teu ngomong weh...era)... "Naha meuni asa mahal² teuing jang euy...?diwarung lain oge ngan ukur salapan rebu tujuh ratus..." bari rada semu molotot yeuh caritana teh,....sok sanajan leuwih 300 perak oge,..(jiga anu heu'euh nyaho deuih)...hehe
penjagana oge jigana teh embung eleh deuih..."kan didieu mah ditambahan korek hiji kang...jug weh atuh meuli ka warung batur...sayah mah da ngan ukur ngagawean tugas ti dunungan"ceunah...
"aeh...heu'euh nya...teu inget jeung korek kuring teh...nya sok weh atuh lah kajeun teuing sapuluh rebu oge...boro tadina mah deuk ngadon nginjeum weh kituh korek na mah..." jawab kuring teh bari ngodok saku,...sok weh ku kuring teh di asongkeun duitna teh..."yeuh rokok na kang ..." ceunah ceuk si penjaga eta teh... "cik sateh jang...lain anu eta ah rokok na oge...deuk ngadon nipu ka kuring?" bari popolotot kuring teh da asa di tipu,...sing horeng teh SAMPURNA MILD anu dimaksud ku kuring mah beda deui...(maklum teu apal merk) hehehe..."kan ceunah tadi nyebut Sampurna Mild kang...? saha anu salah...eta kan anu di bikeun ku sayah teh roko Sampurna Mild" Jawab eta budak teh...
"euh...da maksud kuring mah lain anu ieu jang .... eta anu gigireun nana bungkus ieu" Tembal kuring bari nunjukeun roko anu di bikeun ku penjaga warung eta teh...
"oooooh...nyarita atuh kang ulah popolotot weh di heulakeun teh...ieu mah Class Mild" jawab penjagana bari ngasongkeun eta udud teh..."euh atuh...beda deui hargana oge ari beda udud na mah meureun jang euy...? " ceuk kuring teh bari rempud ngabedol duitna deui...
"wios sami weh kang...ngan moal di tambahan korek ari Clas Mild mah..." tembal eta budak teh...
kuring teh beuki ngarempod deui atuh deuk ngabedokeun meuli eta udud teh...
tapi da emang butuh sih korek na oge...inget basa inditkeun ninggali sampeu batur meujeuh na gumaling...hehehe...punten ah...deuk ngadon langsung di beuleum di tempat niatna mah,...

Ret teh ninggali budak eta keur udud jiga anu ngeunah kuring nanyakeun .... "ari eta maneh udud naon jang euy?...jiga anu pedo kitu...ngeunah jigana nya?" Tanya kuring ka budak eta teh..."komo weh atuh kang,ngan moal di jual ... komo di bikeun secara cuma-cuma mah...euweuh deui" jawab eta budak bari jiga anu ngalonyeng plus ngabibita...

gegeremet kuring teh euy ningali eta budak...meuni asa teungteuingeun ningali kuring kumerot teh ngadon ngahajakeun....
"deuk meuli kuring mah lain deuk menta...da kabeuli ku kuring oge" bari molotot da teu genah asa di hina....
"sabaraha hargana jang...?" Ditanya ku kuring teh..."ieu mah ngan ukur lima rebu kang...murah meriah,genah tumaninah jeung rada merenah kanu manah" Jawab manehannana....

bakat ku ngarasa kasinggung keneh kuring teh ngomong bari ngasongkeun eta duit anu sapuluh rebu tadi,... "sok lah meuli yeuh 2 bungkus wae mah jang..." Deal tah kuring teh Jadi meuli udud teh...

Trus kuring nanyakeun ka penjaga warnet eta teh..."komputerna aya anu kosong jang euy...dek ngadon Onlen da kuring mah kadieu teh...lain meuli udud hungkul" budak eta nembalan deui..."aya kang ...sok mangga di nomber hiji",... Leos weh kuring teh ...

Onlen yeuh carita na teh....
biasa weh ngadon Chating Via Yahoo messenger jeung Muka Fesbuk, ... leuwihna bari mukaan Polder dina dokumen² eta komputer...sugan weh aya Video lalucu...biasana mah sok loba....Hehehehe....(lumayan jang papantengan),...

Teu karasa geus kana saJam na kuring diuk di hareupeun monitor tah...geus weh Onlen na mah...
deuk balik nyampeurkeun deui ka operator anu tadi ngajual udud tea ka kuring...
"Sabarahaeun jang euy Onlenna...?" tanya kuring ka Op eta teh....
Opat rebu kang ..." Jawab eta budak teh...

Pas kuring ngodok saku...teu inget euy...sing horeng duit dina saku teh ngan sapuluh rebu weh anu tadi barang datang dibeulikeun udud tea 2 bungkus...da dina saku teh ngan ukur aya udud,...

"jang euy duit na oge tinggaleun...ari deuk balik heula da hoream kadieu deuina...jauh teuing..." (pura² da era kuring teh) hehehe....
"kumaha atuh kang? engke sayah katanyaan atuh ku dunungan sayah...!!!" ceuk Op eta teh bari rada semu panik da sieun teu di bayar...

"Kieu weh atuh jang...udud anu tadi ku kuring deuk di jual sabungkus yeuh..." Tembal kuring bari ngasongkeun udud anu tadi sabungkus...-> dilajeng "deuk di tampa sabaraha...?" Ceuk kuring teh....
"kumaha maksud na kang jeung ngomong deuk di tampa sabaraha kitu?" Jawab eta Op teh...

Di tembalan deui ku kuring teh..."kan tadi kuring meuli 10.000 dua bungkus jang...berarti sabungkus na teh 5.000 meureun nya...?" Tanya kuring ka Op eta teh..."muhun kang...Tras...?" Ceuk Op teh...
"Tah wani ngaleuwihan sabaraha tina pameulian 5.000 eta?.. da kuring oge sarua jeung dunungan didinya...hayang boga bati" ceuk uing teh...

"emangna hayang sabaraha kang...? maenya teu mere heula harga...? teu mere harga kitu mah atuh sayah oge wani 2.000..." Jawab eta Op teh,...

geus teu genah deui didinya teh kuring tah euy...ceuk kuring teh "lain oge batian atuh jang euy ari kitu mah sateh...geus weh sok lah ku kuring di jual yeuh udud teh sapuluh rebu ... kan jual beli mah dimana-mana oge neangan bati...bener teu?" ...
"oooh...muhun kang,Leres pisan...sok atuh kadieu keun...ku sayah di beli sapuluh rebu lah..."
ceuk Op eta teh...bari kuring geus rada hayang seuri tah hate mah...

Geuwat weh kuring teh ngaloes da sieun jug sadar eta Op teh...

sa jajalan kuring ngakak seuri bari ceuceuleuweungan..."belegug eta OP teh...sapopoe hirupna nambahan elmi tina internet tapi beunang keneh ka tipu ku kuring..." Hahahahahahahaha....

Tos weh ah...dicekapkeun wae sakitu....hapunten bilih aya kalepatan...
wilujeng ....

Asli Made In Kuring..." Kabayan Kababayan"

1 komentar:

Kabayan mengatakan...

kumaha dewek...:P

Posting Komentar