Hayu Urang Ngacaprax's...!!!
Ka Iran rek meuli kornet
daging careuh nu keur reuneuh
Sisindiran na internet
heuheuy deudeuh heuheuy dai deudeuh dai...
Ekspres Bandung - Surabaya,
Digantolan kikinciran,
Neda ma'lum ka sadaya
Abdi bade sisindiran
Kalayar buah kalayar
Lebet ka cabe mah henteu
Lumayan tambi lumayan
Lebet ka sae mah henteu
Hanggasa bawa ti gunung,
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
Nitipkeun raga jeung nyawa
Boboko ragrag ti imah
Ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
Ari balik sok leungiteun
Leuleupeutan leuleumeungan
Ngarah kekejoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah tetenjoanana
Itikurih Bentang Sinar
Maen di lapang Cicendo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nenjo
Majar Maneh cengkeh koneng
Kulit Peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung mani nambru
Pipiti di bungawari
Tetenong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hade omong pangoloan
Meuleum manggu tengah poe
Dicokelan kayu api
Malem minggu ninggang sue
Diapelan aki-aki
Pileuleuyan cangkang beas
Huut sajeroning kejo
Pileuleuyan urang ikhlas
Imut sajeroning nenjo
Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan
Kuring mah alim ka Bandung,
sieun ka Sumedang hilir,
Kuring mah alim dicandung,
sieun ditinggalkeun kilir.
Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Soreang bae,
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.
Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
sing emut ka diri abdi.
kembangna katuncar mawur,
Ari bogoh ti bareto,
terang-terang geus ka batur
Cikaracak Ninggang batu,
laun-laun jadi tembok,
Tinu taktak kanu susu,
Laun laun kanu Cenewok...
Alah alah....geus moal balegh euy...geus heula ah...hha hha hha....!!!
Cag, ah ! sakitu heula sanes waktos di sambung deui.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar